Kawih jeung Kakawihan

1. Kawih nya eta bagian tina kasenian sunda anu diwangun ku dua unsur seni nyaeta unsur musik jeung unsur sastra. Musik ngalahirkeun lagu (nada jeung wirahma) sedengkeun sastra nya eta mangrupa rumpaka atawa lirik lagu.
Conto Tembangna :

Angkrék Japati

Angkrék japati na cangkring keur karembangan
sisi wahangan barodas
kareta api geus datang sinyar geus muka
reg di stoplas Cibodas
gupay-gupay anaking
gupay-gupay digupaykeun ku manéhna
reumbay-reumbay anaking
reumbayna nginjeum cipanon ti manehna.

Dina Jandela

Tina jandéla urang silih gupayan
lemu paneuteup deudeuh jeung geugeut neuteup eunteub
tara nu nyora simpé henteu nyarita
ngukir ciptaan tresna jeung asih marengan

Lir nu keur ngimpi, lir nu keur ngimpi
gambar lamunan naon geuning nu katepi.
lir nu disirep, lir nu disirep
geter katineung reureuh geuning, rep rerep.

Tina jandéla urang silih kiceupan
imut kareueut raga katresnaan padeukeut
langit keur lenglang jauh tina kamelang
urang jadikeun galeuh pasini lawungkeun.

“Koleksi lengkapna aya di Mang Koko
NB : saya ngambil yang “Dina Jandela”, jangan sama ya :D!

2. Kakawihan mangrupa alat anu digunakeun ku masyarakat, sangkan naon anu aya dina gerentes haténa teu kaharti ku batur anu aya di luar komunitasna (bahasa sandi). Dipake oge keur Ngagambarkeun kaayaan, Ngaramalkeun ka hareup, Ulin kecap, Kaulinan dina hiji kaayaan, jeung Heureuy biasa.

Conto Tembangna :

Trang-trang koléntrang

Trang-trang koléntrang
silondong paéh nundutan
tikusruk kana durukan
mesat gobang kabuyutan

Trang-trang koléntrang
sianggar nyingkah sing anggah
jeung gancang muntahkeun bulan
caang bulan didurukan

Trang-trang koléntrang
si nini urang tulungan
imahna teh kapoékan
bulan tempur nabrak siang

Bang kalima lima gobang

Bang kalima lima gobang (bang)
Bangkong di tengah sawah (wah)
Wahéy tukang bajigur (gur)
Guru sakola désa (sa)
Saban poé ngajar (jar)
Jarum paranti ngaput (put)
Putri nu gareulis (lis)
Lisung kadua halu (lu)
Luhur kapal udara (ra)
Ragrag di Jakarta (ta)
Taun tujuh hiji (ji)
Haji rék ka Mekkah (kah)
Kahar tujuh rébu (bu)
Buah meunang ngala (la)
Lauk meunang nyobék (bék)
Béker meunang muter (ter)
Terus ka Cikampék (pék)
Pékna dagang kalam (lam)
Lampu eujeung damar (mar)
Mari kuéh hoho (ho)
Hotél panglédangan (ngan)
Ngantos Kangjeng Dalem (lem)
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong

 “info sarta koleksi leuwih lengkapna aya di Kakawihan Wikipedia
NB : Kalo yang ini saya ngambil yang “Trang-trang Kolentrang”

~Selamat Menikmati~ :D

About these ads